Selasa, 05 Maret 2013

PAGUNEMAN

Contoh percakapan dalam bahasa Sunda.


 (Atsna nyampeur Suci)

A : Assalamu'alaikum
B : Wa 'alaikumsalam warohmatullohi wabarokatuh. eh, Atsna mangga calik.
A : Hatur nuhun Ci
B : Kumaha damang ?
A : Alhamdulillah sawalerna. Ari Uci kumaha ?
B : Alhamdulillah damang. Dupi aya peryogi naon kadieu?
A : Kieu,kamari teh pan Atsna teu lebet sakola, dupi aya pancen atanapi henteu ?
B : Oh, muhun nya. Ku naon atuh make eu lebet sakola ?
A : Numawi kamari teh Atsna udur.
B : Teu damang naon kitu ?
A : Lebet angin, kumargi basa dinten juma'ah wangsul  urang teh kahujanan. mung alhamdulillah ayeuna mah tos jagjag deui
B : Oh, alhamdulillah atuh ari kitu mah.
A : Aeh aeh.. Kumaha ieu teh, janten aya pancen henteu ?
B : Oh, sumuhun aya. Pancen basa sunda ngeunaan paguneman.
A : Abdi bade ningal catetanna atuh. Kumaha wios ?
B : Mangga, sakantenan we atuh urang pidamel sasarengan.
A : Hayu atuh.

(Torojol Miranti datang)

C : Assalamu 'alaikum!
A-B: Wa'alaikumsalam.
B :  Mangga ka lebet mir.
C : Hatur nuhun Ci.
    Eh, aya Atsna oge Nuju naon Na ?
A : Ieu Mir, nuju nyalin sareng midamel pancen basa sunda nu kamari.
C : Oh, abdi bade ngiringan atuh. Wios ?
A : Mangga.
B : Eh, bade ngaraleueut naon atuh ieu teh ?
C : atuh wios we, teu kedah ngarerepot Ci.
B : Eh, sok kitu ah.

(Suci ka dapur nyandak leueuteun)

B : Mangga atuh di raleueut.
A-C: Haturnuhun pisan Ci.

(Teu kungsi lila, jol Winardi)

D : assalamu'alaikum!
A-B-C : Wa'alaikumsalam.
B : Aya naon Win ?
D : Ieu, bade ngawartosan yen enjing teh barudak bade ameng ka Kampung Batu. Kumaha bade ngariring ?
C : Ngiring atuh ah. Tabuh sabaraha angkatna ?
D : Tabuh dalapan kedah tos kempel di sakola. Tong tarelatnya!
C : Upami angkatna tabuh dalapan, dugina tabuh sabaraha ?
D : Kurang leuwih, dugina tabuh salapanan.
A : Hayu atuh, sumanget pisan ari kitu mah.
D : Nya, atos heula atuhnya. abdi bade ngawartosan nu sanesna.
C : Mangga.
D : Hayu atuhnya. Assalamu'alaikum
A-B-C : Wa'alaikumsalam

(Atsna, Suci, Miranti rengse midamel pancenna)

A : Ci, abdi bade wangsul heulanya.
C : Muhun, abdi ge bade wangsul wa da tos rengse.
B : Mangga, kadenya di jalanna.
A-C : Muhun, hayu Ci. Assalamu'alaikum.
B : Wa'alaikumsalam!

Keterangan.
A : Atsna
B : Suci
C : Miranti
D : Winardi


---------------------------------------------------------------------------------------------------

0 komentar:

Posting Komentar